Selamat datang di Blog kami, semoga bermanfaat

Senin, 23 Desember 2013

LALAKON SILIWANGI (2)


Tapi Ki Santang
Nyejat bari ngagakgak !
Pamuntangan laju bedah
Nyot buburialan !
Atuh kaceot
Opat patih urang Banten !
Hulu inyana ngadalagor batu
Mani remuk ka batu-batuna
Awak inyana naleungar cadas
Mani raraungkad gawir-gawirna !
Nya mooooooooooodar !
Laju paralid
Laju engkena nyarangsang !

Anu saurang
Dilebaheun kiwari tanah jelebut

Anu saurang deui
Di bilangan kiwari tanah bojong gede

Saurang deui
Di bilangan kiwari tanah citayem

Saurang deui
Di bilangan kiwari tanah sawangan !
Tapi saha nu nyarangsangna ?

Saurang geh
Datang ka iraha ogeh
Moal aya nu nyaho !
Lantaran waktu paralidna
Marake jubah nu pahili
Pahili ka pangkat-pangkatna !

Ngan bae
Engkena kabejakeun
Ceunah mah jaradi karamat !
Tunda deui Keun sina jaradi karamat !

Lajeng
Ayeuna
Urang teang Si Lengser
Si Lengser karuhan sakabeh tukang pantun !
Barang balad Banten eureun perangna
Barabg balad Pajajaran nunda perangna
Embah anis jeung embah anom
Eudeuk areureun nunda perangna
Ngan Si Lengser anu hanteu !

Ceuk Si Lengser :
Eundeuk ka marana dia ?

Ceuk Embah Anis :
Deuk neuleu nu dipodaran di dasar leuwi !
Ceuk Embah Anom :
Deuk neuleu nu dibeset di dasar leuwi !

Ceuk Si Lengser :
Moal kadeuleu !
Caina geh kiruh !
Mending geh,
Urang lajukeun perang urang !
Kapalang
Tingal sajurud deui !
Tapi Embah Anis deuk nojok terus
Emabh Anom ogeh deuk nojok terus
Laju ku Si Lengser
Emanh Anis dijenggut jambrongna
Emabh Anom dijebak jabrikna !
Karuhan
Mani pating caweuweuw !

Tapina
Hanteu ngaralawan
Sabab harayang lalajo nu perang di dasar leuwi !
Torolong bae duaan lalumpatan
Lalumpat bari darongko
Lalumpat bari susulumputan !
Lantaran hayang jarongjon lalajona
Jeung ulah kapanggih ku Si Lengser
Nya lalajo teh
Dibirit leuwi sabrang kulon !
Caringgoooo bae !
Dina sisi gawir handapeun kopo
Tunda deui !
Keun sina caringogo !
Kocapkeun
Raja Sunda jeung Ki Santang !
Geus haranjat deui !
Laju ngabuburak balad Banten
Mani ting alacir paburisat
Jiga rorongo dikebutkeun !
Ceuk Raja ka Ki Santang :
Hadena Aden kaburu datang !
Ceuk Ki Santang :
Mun teu kaburu ?

Ceuk Raja :
Mantak teuin lalakon panjang
Tah
Ari geus paralid mah
Moal bisa calutak deui !
Tapi sing aringet !
Najan arinyana
Geus eleh dua kali
Rajana mah
Panasaran keneh !
Tangtu inyana the
Hayang keneh nyilakakeun urang
Nyilakakeunana
Moal ku jalan kasar
Tapi ngakalan
Ku jalan halus !
Bejaan kabeh sanak, kabeh kadang
Sing ti ayeuna keneh
Pipir imah saimahna
Beulah kenca nu di tukang
Di hareup beulah katuhu
Marelak
Tangkal sente
Pikeun tumbal keuna baraja !aju marelak deui
Tangkal cau emas
Pieun tamba keuna wisaya
Sabab kahareupna
Musuh teh ngalawana
Ku jalan guna wisaya
Ku teluh eujeung mudu
Ku warejit utah getih
Nyieun edan jadi sasar
Gering nangtung ngaganggayong !
Tapi teu mudu sieun !
Mun aya nu keuna kitu
Sambat bae bae ngaran bapa
Celuk bae ngaran dia
Laju mandian ku cai
Ti leuwi sipatahunan
Jeung inuman
Ku cai
Ti pancuran tujuh !

Ari jampena ?
Sina diajar bae ti Si Lengser !
Tunda deui !

Sina diajar jampe teluh ka Si Lengser
Kocapkeun deui Si Lengser di tegalan !
Inyana dagdag-digdig sorang bae
Tulang cangkeng bari tetenjrag
Hahaok bari popolotot
Ngareuhak bari kekerot
Nantang musuh nu tingaleun kalang !
Kadeuleu ku inyana
Gawir urug, leuwi bedah
Balad musuh loba nu paling !
Ngeunah jasa angen Si Lengser
Gadag-gidig inyana ka tengah tegalan
Leungeun anu kenca
Tulak cangkeng nyerengkebeng
Nu katuhu
Dikeupatkeun ngagandejang
Cara deumang eundeuk nganjang
Endeuk mogor ka anak mandor !
Ret inyana ka kaler
Leuweung jati urug saparo
Mani ngemplong deudeuleuan
Kadeuleu aya deui ngaraleut
Nu areureun di birit leuwi
Birit leuwi sabrang kulon !
Nu ngaraleut teh
Laju ngaromong jeung sesana balad Banten !
Tah lebah dinya
Engkena tah nadeug hiji lembur
Nu kiwari disebutna
Pabaton !
Sabab urut ngumpul jeung badami !
Si Lengser laju nabeuh bende !

Atuh
Barang bende ditabeuh deui teh
Mani beeeeejat burarakan !
Ari ceuli bende ?
Mani ngacleng
Ragragna di leubahan nu kiwari jadi lembur
Nu ngarana
Ceuli beunde !
Kadenge ku Raja urang
Laju dihaokan

Ceuk Raja :
Nahaeun Lengser ?
Ceuk Si Lengser :
Musuh datang deui !
Ceuk Raja :
Sabaraha ?
Ceuk Si Lengser :
Nyaho teuin !
Teu kabilang
Ngan ayeuna mah marake jendol !
Der perang !
Perang deui !
Perang
Perang
Perang batur, perang !
Leuwih rosa ti perang nu ti heula !
Perang jeung musuh nu anyar datang
Perang jeung nu marake jendol
Perang deui jeung sesana balad Banten !
Perang, perang !
Urang Pajajaran
Dihurup hiji musuh salikur
Sabab urang Banten
Dibantu ku balad ti wetan !
Lantaran balad musuh nu ti wetan
Tambah deui tambah deui
Nya kawalahan ogeh Raja urang
Nya kawalahan ogeh Ki Santang
Nya kawalahan ogeh Si Lengser !
Burubul musuh ti kidul
Surudug
Si Lengser ka kidul !
Burubul musuh ti kulon
Surudug
Si Lengser nangkis di kaler !
Burubul musuh ti wetan
Surudug
Si Lengser ngamuk di wetan !
Urang Pajajaran perangna rosa jasa !
Sakabeh ngilu perang
Aki-aki ngilu perang
Nini-nini ngilu perang
Karuhan nu ngarora mah
Nu lelengeh ngilu perang
Nu barujang
Ngalawanana galak jasa
Sabab ku beubeureuh
Mun ku musuh
Nu sapotong dikeureut sapotong
kimpoi the
Endeuk moal dijadikeun !
Perang nu cawene ?
Leuwih giras ti cangehgar
Sabab arinyana heunteu sudi
Mudu leungit anu nyempil
Dicarokel make obeng !
Perang, batur, perang !
Mangkin lila beuki rosa
Mangkin tambah balad musuh
Beuki kawalahan Pajajaran ........... !
Ceuk Raja ka Si Lengser :
Mun kieu terus-terusan
Matak boa mudu mundur !
Ceuk Si Lengser :
Encan wayah !
Leuwih hade
Urang ganti aturan perangna !
Urang make aturan anyar

Nya eta
Akeul dulang kaju samida !

Hartina
Kaju seungit pieun ngukus !
Tegesna
Amin jaya aya di urang
Tangtu musuh bakal musna

Tapi
Amun apes papasten urang
Paeh geh moal jaradi jurig
Sabab sukma urang
Diparenahkeun di kahiyangan !
Lantaran paehna urang
Gara-gara
Satuhu ka Sang Rumuhun
Bela-pati ka Nagara !
Ceuk Raja :
Kumaha ngaturna ?
Ceuk Si Lengser :
Geura tuturkeun !
Laju Si Lengser ka tengah tegalan
Burudul musuh ti kidul
Suruntul Si Lengser ka kaler !
Burudul musuh ti kulon
Suruntul Si Lengser ka kidul !
Burudul musuh ti kaler
Suruntul Si Lengser ka wetan !
Cindeukna mah
Perang cara Si Lengser teh
Datang ka lebur jagat tetempuran ogeh
Moal deuk aya nu bisa nuri !
Sadupak-dupakna matak cilaka
Satubruk-tubrukna matak ripuh
Satejeh-tejehna matak bengek
Satincak-tincakna matak bohak
Sarawel-rawelna mataj soek
Nya karuhan
Musuh mani paburisat !
Kumaha amun
Burubul musuh ti wetan ?
Suruntul Si Lengser ka tengah tegalan !
Amun musuh anggeus parek
Si Lengser laju nonggeng
Bari nonggeng nyingsatkeun samping !
Ku maha ari musuh ?
Arinyana laju bae kasima !
Sabab pikir arinyana
Eta kanjut inyana geus sagede kiiiitu ... !
Tada teuin meureun gaganden inyana mah ... !
Nya laju sakabeh anu nareuleu Si Lengser nonggeng
Pada kalenger !
Cindekna perang cara Si Lengser mah
Datang ka iraha ogeh
Moal endeuk aya nu niru !
Teu kabilang anu modar
Teu kabilang anu rarusak .... !
Nu teu katibuk teu kadupak
Teu katejeh teu kasiku
Ripuhna mah sarua baeeeee ... !
Malahan arinyana mah
Paraeh teh leuwih cilaka !
Nya eta
Molotot bari sambutut
Bari leungeun marencet irung !
Sabab Si Lengser
Perang teh inyana mah mamawa sigung ... !
Tunda heula ! Keun Si Lengser sina nurutan sigung 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar