Selamat datang di Blog kami, semoga bermanfaat

Senin, 23 Desember 2013

LALAKON SILIWANGI (1)


Lajeng dina peuting nu didamaran ku samar bulan
Urang longok Raja urang
Nu dihurup ku musuh genepan !
Perang na rosa jasa
Eta genep papatih

Ku Raja urang laju ditubruk
Laju di awut-awut
Di luluh di gulung-gulung
Di rampid jadi ngahiji
Mani pating polonjon tina jubah inyana
Ting arenyut
Jiga tetep lesot tina wadahna !
Ting arenyut sabuligir
Jiga eungkuk pilegaeun
Balad Banten
Waktu neuleu kabeh papatihna
Deuk di podaran ku Raja Sunda
Heunteu taregaeun
Laju
Reog wae ngaleut
Cara sireum sirarange
Ngagurumut Raja urang !
Atug mani haliwu Raja urang !
Nya harita opat patih Banten bisa budi
Nya eta bengkong nu duaan
Arinyana mah heunteu kaburu !
Sabab kaburu modar mantare !
Lain paraeh ku Raja urang
Tapi
Modarna
Ditareunggelan urang Banten !
Sabab ku haliwu-haliwuna ngagurumut
Urang banten the
Teuteunggeulna
Sateunggeul-tenggeulna bae !
Datang ka loba balad Banten
Kararojor
Cigenden ku baturna keneh !
Urang caturkeun patih Banten anu opat
Arinyana bisa budi
Laju ngorejat bari ngarewel jubah !

Tapi
Lantaran ngorejatna bari haliwu
Nya atuh ngarawel teh
Sarewel-rewelna bae
Heunteu arengeuh pahili jubah !
Ku haliwu-haliwuna
Kai Cakra hanteu engeuh pahili jubah
Kai Jaya hanteu engeuh pahili jubah
Kai Asep hanteu engeuh pahili jubah
Kai Tubagus hanteu engeuh pahili jubah
Malah Kai Tubagus mah
Jaba tipahili teh
Inyana hanteu eungeuh
Make jubah the tibalik
Nu pieun cokor
Dipake di ruhur

Ari cokorna
Diasupkeun dina beuheung jubah !
Atuh leumpangna
Mani ciga nini-nini hudang ngajuru !
Ninggang di Kai Cakra anu begang
Nu karawel teh jubah godombrong
Pakeun baturna nu jangkung gede
Atuh barang dipake the
Ka luhur leuwih sasiku
Ka handap leuwih sadeupa !
Ceuk pikir inyana :
Bener sakti si Raja Sunda !
Ieu jubah mani kieu
Ka ruhur teu kadeuleu langit
Ka handap teu kadeuleu napak !
Nya gudubrak bae inyana labuh
Tikudewat
Nincak jubah panjang teuin !

Ceuk pikir inyana :
Panjang teuin !
Ngaing beubeurkeun !
Laju jubah panjang teh
Dibeubeurkeun
Digulungkeun luhureun cangkeng
Atuh tembong buraholna !
Der perang deui !
Perang rosa
Perang rosa jasa
Terus perang leuwih ti rosa jasa !
Raja urang
Najan gagah najan sakti

Tapi
Ari diruhun digurumut mah
Nya haliwu ogeh !
Nya kapaksa inyana mundur
Kadeseh ka beulah kaler
Datang ka palebahan birit leuwi !
Tah di dinya
Inyana katubruk ku nu ngahurup
Tapi Raja urang
Laju motah rosa jasa !
Nya lajuna mah
Gujubaaarrr !
Raja urang ragag ka leuwi
Gujubar
Kai Asep kabawa ragag
Inyana ngarawel jubah Kai Jaya
Kai Jaya ngarawel jubah Kai Cakra
Kai Cakra ngarawel jubah Kai Tubagus

Tapi
Lantaran jubah Kai Tubagus mah
Dibeubeurkeun
Nya nu ngarawel the
Buraholna !
Nya gujubaaarrr !
Jawara Banten jeung Cirebon nu opat
Kabedol kabawa ragag
Laju perang di dasar leuwi
Balad Banten eureun perangna !
Balad Pajajaran areureun perangna !
Lalajo nu keur perang di dasar leuwi !
Nya jadina mah
Euweuh nu perang di daratan
Kabeh jarajang teges
Nareuleu nu galungan di dasar leuwi !
Kabeh pasedek-sedek !

Datang
Euweuh nu areungeuh
Balad Pajajaran
Nyarelap di balad Banten
Balad Banten
Nyarelap di balad Pajajaran
Eungeuh-eungeuh soteh
Aya nu hitut !
Ceuk balad Pajajaran :
Hitut Banten yeuh !
Sejen deui peledakna !
Ari inyana ngalieuk teh
Baruk geuning lain batur sakamandoran

Tapi musuh
Urang Banten !
Nya der perang deui !
Perang di daratan
Perang di dasar leuwi
Ting gulutuk sora batu
Ting sareak sora koral
Ting kiricik sora keusik !

Burial !
Burial !
Cai kiruh ti dasar leuwi
Umpalna neunggaran gawir !
Ngagulugur gawir nu urug
Ngaguruh tangkal nu rubuh
Tangkal jati garaged
Sisi leuwi sabrang wetan
Rungkad ambles kabawa palid !
Ari palidna ?
Nyarangsang di birit leuwi
Tah di dinya
Engkena teh bakal ngadeg hiji lembur
Nu ngaranna di kiwari
Bantarjati
Urang tunda deui

Sina jadi lembur bantar jati !
Urang kocapkeun Ki Santang deui !
Kadeuleu ti awang-awang
Palebah leuwi sipatahunan
Loba jasa jelema keur saling genden !
Ceuk pikir Ki Santang :
Boa-boa
Jeung kadeuleuna
Jiga lain somah ngaing kabeh !
Gajleng !
Ki Santang luncat tina mega
Megana mani semplak sabeulah !
Sesemplakan mega nu beulah
Murag !

Ragagna malang
Nyampai dina lamping
Sakaleren gunung gede

Engkena
Dihandapeun ngadeug hiji lembur
Nu kiwari disebutna
Mega mendung !
Lajukeun urang Ki Santang !
Jrut inyana turun
Jlig inyana nepi
Jung inyana nantung
Kadeuleu aya numpukan
Ngagunuk cara picung buruk !

Ceuk Ki Santang bari tulak cangkeng :
Nahaeun yeuh ?
Ceuk nu nagunuk :
Nu areleh perang !
Ceuk Ki Santang :
Urang mana ?
Ceuk nu ngagunuk :
Pajajaran !
Ceuk Ki Santang :
Eleh ku saha ?
Ceuk nu ngagunuk :
Ku urang Banten !
Ceuk Ki Santang :
Kunaha make areleh ?
Ceuk nu ngagunuk :
Licik sih !
Kaci ngegel ceuli
Nyolok mata jeung nyingkabkeun samping !
Ceuk Ki Santang :
Lain licik !
Eta tah aturan perang anyar !
Tapi kumaha sabab perang ?
Ceuk nu ngagunuk :
Ngabelaan Raja !
Ceuk Ki Santang :
Di mana Raja ?
Ceuk Nu ngagunuk :
Tuh di dasar leuwi !
Keur dihurup ku opat urang !
Ki Santang teu loba deui catur
Laju inyana tuturubun
Ngajubar !
Lep !
Inyana teuleum !
Tapi sabab caina kiruh
Teu kadeuleu
Mana Bapa mana musuh !

Ceuk Ki Santang :
E eh !
Mun neunggeul bari teu neuleu
Bisa salah anu keuna !
Leuwih hade
Ieu leuwi hade ngaing bedahkeun !
Nya der dibedahkeun
Ka hilir ciliwung guntur !
Ka girang ciliwung surut !
Kocapkeun anu garelut !
Heunteu areungeuh
Sipatahunan mingkin saat !
Barang beak cai kiruhna
Ka deuleu ku Ki Santang
Raja eundeuk diporeatkeun !
Teu antaparah !
Saebrur Raja direbut
Lung di kadaratkeun !
Anu karebut musuhna
Karuhan bae ambek jasa !
Kadeuleu ku arinyana
Aya musuh anyar !
Laju pating surungkuy
Ting garebay
Ngarajol bari raranggeum
Eundeuk nyekek beuheung Ki Santang !
Ki Santang ngeunah seuri !
Laju leuwi di kubek deui
Kiruhna kiruh jasa
Datang kaeuweuh nu bisa kadeuleu !
Ki Santang mah
Inyana laju ngadapang
Malang dina pamontengan !
Inyana ditubruk ku opat patih Bante

Tidak ada komentar:

Posting Komentar