Selamat datang di Blog kami, semoga bermanfaat

Senin, 23 Desember 2013

LALAKON SILIWANGI (4)


Ceuk Si Lengser ka urang Patuha :
Esotkeun batur leupaskeun !
Atuh barang dereded teh
Embah Anom jeung Embah Anis
Nararik the
Badis meset jeujeur pegat useupna !
Mani tinggulitik jujuralitan
Ting garolong ka lebakeun
Paheula-heula jeung Si Lengser !
Lantara Si Lengser mah
Awak inyana lintuh cara kebo buleud keur reuneuh
Atuh Si Lengser mah
Ngagorolong teh
Cara berenuk murag di lamping !
Karuhan Inyana datang pangheulana ka sisi cai !

Ceuk Si Lengser ka nu ragag pandeuri :
Warani ?
Ceuk Embah Anom jeung Embah Anis :
Ke heula !
Ulah wara di tanya !
Lalieur keneh
Jeung can eling bener !
Puguh ceuk ti heula ogeh, perang baheula mah
Hanteu cara perang di jaman kiwari !
Si Lengser teu tatanya deui !
Embah Anis jeung Embah Anom laju dirawu
Dialungkeun !
Ari Embah Anis ?
Inyana ragag di bilangan kiwari tanah serepong !
Ari Embah Anom ?
Ragag di bilangan kiwari tanah kuripan
Skalereun gunung bubut .... !
Bejana mah
Engke teh jaradi karamat !
Ngan digaranti ngaran
Lantaran areraeun eleh perang !
Jeung lantaran ngaran Anis jeung Anom mah
Cara ngaran Jaya jeung Tubagus
Eta mah ngaran arinyana di keur budak !
Apan ari geus jaradi pangkat mah
Ngaran arinyana sarejen deui .... !
Ari gawir urut Si Lengser diseret jeung digusur
Kiwari teh aya keneh !
Lebah dinya disarebut dereded .... !
Anggeus ngabalangkeun musuh nu dua
Si Lengser laju ngulon ngaler
Karep inyana deuk ngadeuleu beusi aya eukeur ripuh
Beusi aya balad keur kawalahan .... !
Di lebah urut Si Lengser lengak-longok tempa-tempo
Engkena ngadeug lembur anu kiwari ngarana lolongok !
Barang Si Lengser keur telag-telog
Cara bango ngadodoho bangkong
Inyana kadeuleu musuh !
Laju diaruber, dikarepung diarudag-udag !
Si Lengser nyumput !
Inyana teuleum dina rawa nu loba bolangan !
Engkena
Di urut Si Lengser nyumput
Ngadeug lembur nu dingarana rawa balong !
Ti enggon inyana nyumput
Kadeuleu ku Si Lengser
Musuh ngaleut keur naranjak
Ngabondong ka tonggoheun
Laju ngarumpul di leubahan anu rata
Engkena
Di lebahan dinya nadeug lembur
Nu kiwari disarebutna bondongan !
Sabab di lebah dinya pisan ngarumpulna musuh nu eundeuk ngarugrung bari naranggoan parentah mudu taram !
Anggeus mahi batur-batur arinyana
Musuh laju ngarugrug .... !
Urang Banten beuki galak leuwih bengis
Sabab tambah loba nu ngabantu arinyana !
Urang wetan leuwih loba
Tambah wani tambah galak
Sabab tambah loba batur arinyana !
Urang Pajajaran geh
Tambah ...... !
Ngan tambahna
Tambah beak !
Sabab hiji ngaganda salikur
Salikur ngalawan musuh aya ratusan ... !
Nya karuhan
Urang Pajajaran geus kalingung !
Musuh tingtarekel keuna kuta .... !
Der perang dijero eun kuta
Di belahan kiwari aya lembur jero kuta !
Kuta beak imah beak
Beak saung jeung kandang-kandangna
Beak dirakrak jeung dihuru
Diduruk musuh nu lain tanding dina lobana !
Ceuk urang Pajajaran :
Lengser, Bapa, Aki !
Kumaha ...... ?
Ceuk Si Lengser :
Mundur, batur mundur !
Urang mundur ngetan ngidul !
Laju urang Pajajaran mararundur
Nyabrang
Nyararabrang leuwi Ki Pata Hunan
Ka sabrangeun gintung nu tujuh !
Nya amprok jeung Raja urang
Di tegalan tungtung kidul
Tonggoheun cai leutik !

Ceuk Raja ka Si Lengser :
Ripuh mun kieu mah !
Boa-boa urang mudu taluk ?
Karunya ka somah !
Teu deuk narima batur ka siksa !

Ceuk Si Lengser :
Pajajaran mah Gusti
Cadu keuna taluk
Sabab buyut ti karuhun !
Lebahan Si Lengser nyebutkeun buyut
Engke the disarubutna cikabuyutan !

Ceuk Raja :
Dayeuh geus direbut musuh !

Ceuk Si Lengser :
Najan dayeuh geus karebut
Raja mah teu meunang taluk !
Pajajaran teh lega keneh !
Lega keneh enggon perang !
Terus Gusti terus !
Najan perang sabari mundur
Urang mundur the lain eleh
Urang Pajajaran laju mundur .... !
Lain mundur kasedek ku Urang Banten jeung Wetan !
Tapi mundur
Kantaran hanteu nanding dina loba !
Tah eta gara-garana datang ka engke
Urang Sunda
Ti harita datang ka kiwari
Kadeseh deui kadeseh deui
Ka sakur anu daratang
Ngaradon hirup di Tanah Sunda
Jeung daratangna
Nu ti Kulon jeung ti Wetan !
Da bongan urang Sunda keneh jeung Sunda keneh
Marantuan anu daratang
Sina nyampalan di urutna Pajajaran Tengah !
Sabab-sababna marantuwan jeung gararantep
Sina deungeun-deungeun nyarampalan ?
Lantaran pada sarieun
Urang Pajajaran Tengah jaraya deui !
Lantaran
Pada saririk ka urang Pajajaran Tengah
Anu dina wayah nu bakal datang
Barus ngaluluguan Bangsa Sunda !
Ngajajarkeun
Anu bener ti nu saralah .... !
Jeung lantaran anu saririkna
Sarieun kaboker sagala salah sagala teu bener !
Urang caturkeun deui lalakonna
Urang Pajajaran Tengah terus kadesek
Urang Pajajaran Bogor memang kadesek !
Lain kadesek ku sabab eleh
Tapi eleh dina papasten .... !
Jeung elehnn
Eleh soteh
Kadunyaan
Kapangkatan
Kakawasaan
Salila
Genep jaman katujuh jalan .... !
Tah salila eta
Urang Bogor Pajajaran
Baris dijarieun kekesed dina balumbang ..... !
Urang kocapkeun deui nu keur marundur !
Marundur sabari perang
Sabari perang mundur ka girang !
Nya anjong ka suku gunung
Ka legok anu nyangkewok .... !
Di dinya laju rareureuh
Bari naranggoan kejo asak diseupan !
Tapi henteu kaburu asak
Sabab musuh kaburu nyusul !
Plok !
Aseupan ditamplokeun
Kejona dibawa laju !
Blok !
Seengna dibahekeun
Caina ngocor ka kobak !
Tah di lebah dinya
Engkena nadeug lembur anu datang ka
kiwari disebutna ciseupan !
Datang ti kiwari cai dina eta kobakan
Caina teh haneut bae !
Jeung kitu sabab-sabab datang ka kiwari
Di lebah dinya sok loba cawene
Ari ngejo sok tara asak !
Lain teu asak teu bisa ngarerejo !
Tepi teu arasakna
Lantaran ngarejo teh
Sok ditaringgalkeun ocon jeung beubeureuh !
Urang susul nu keur marundur !
Marundur marundur terus ......... !
Nya anjlong ka hiji jurang
Nu gawir-gawirna jero jasa
Jero leuweung kawung wungkul ..... !
Laju nyarieun cukang
Tina wakung nu karolot jasa
Tina bengkel parajang tangkal
Jeung nyarieun cukang
Tina tatangkalan anu galeuhan ...... !
Engkena di lebah dinya ngadeug anu datang ka kiwari
Disebutna cukang galeuh !
Laju ngararukan ..... !
Nyararukang gagancangan
Ambeh teu kasusul musuh
Laju nyararusup ka hiji leuweung
Sisi cai lebah nu singkur
Seja arinyana eudeuk reureuh
Eudeuk nyareluk para karuhun
Bari nyararambat ka para Dewa
Sing hate keu-eung dipangnegerkeun
Sing diwanikeun hate nu sieun
Jeung ditangtayunan jero galungan .... !
Abeh
Amun paeh di pangperangan
Jaga bisa ngilu deui
Hutang uyah maray uyah
Hutang jiwa maray jiwa ....... !
Sabab dina marundur
Lain urang Bogor Pajajaran kadesek perang
Tapi perang teh
Apanan sabab manadeh
Hanteu purun dipaksa deungeun
Hanteu sudi ganti sembaheun
Hanteu sudi tukeur pangdeuleu
Hanteu sudi ganti karuhun
Jeung hanteu sudi nurutan adat
Bawa deungeun ti tanah sabrang !
Jeung lain manandeh ka gantina jaman
Tapi manandeh
Ka jaman mudu nurut bae jadi badega !
Cai leutik lebahan manandehna urang Bogor Pajajaran
Engkena disarebutna cimanandeh di dinya engkena
Nadeug lembur anu sangaran !
Laju robah jadi cimanande
Kiwari jadi cimande !
Lain tina mande mapandean
Tapi tina mande nu manandeh ... !
Tunda nu manandeh ! Sina naranggoan datang wayah maray hutang !

Wilujeung wengi batur !
Bisi aya nu kaperluan keur di mana, kaula deuk ngawaris "Rajah Pamunah"
Pieun merenahkeun kabeh dedemit alias jurig !
Ajang nu daek baeeee nu mbung mah kajeun.

"RAJAH PAMUNAH'
"Kunyit bodas hanet jahe
Panglay ngaran panglajuan
Ngalajukeun jeung munahkeun
Sagala gawe ti beda pikir !
Pikir kula di manusa
Pikir dia di dedemit
Teu ku sia deuk kapikir
Teu ku sia dipikir heula
Kadupak da bongan sia
Katajong da bongan sia
Kadiukan da bongan sia
Kababuk da bongan sia
Katenggor da bongan sia
Kaciduhan da bongan sia
Kakiihan da bongan sia
Apan sia mah teu kadeuleu ku mata manusa !
Tapi sia anu neuleu
Kunaha heunteu ised
Kunaha teu ngabejaan
Ulah sia eudeuk licik
Ulah sia deuk anjukan
Hayuh esotkeun !
Nyingkah
Beusi dibura di mata sia
Kuciduh reuhak Pajajaran !
Reuhakeun ciduhkeun !!! Musnah sia !

Cag heula sakeukeudeung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar