Jinis na :
1. Kujang
Pusaka: daya kasakten kujang ngandung ajen sakral kakuatan gaib (kasakten),
pikeun ngajaga kasalametan diri kulawarga jeung masarakat sangkan jauh tina bahaya.
2. Kujang Pakarang: ukuranana leuwih pondok tibatan pakakas, tapi tiasa dipake
nubles, ngeureut jeung ngaraheutan. Wangunna (sacara hipotesis) tiasa jadi
disaluyukeun jeung karakter urang Pajajaran anu defensif dina nyanghareupan
marabahaya, jauh tina sikep ofensif. Sakumaha nu kaungel dina pedaran pakujajar
Majajaran anu nyaritakeun: “Sunda Pajajaran lain mudu pinter perang, tapi mudu
pinter diperangan”. Dina carita pantun beunang disebutkeun taya carita anu
meberkeun karajaan Pajajaran “nyerang” atawa “nalukkeun” karajaan lian. Tapi
malahan digempur ku nagara lian. Dumasar kana karakter Pajajaran anu defensif
tadi, kujang lain jadi pakarang pikeun “nyerang” tapi ngan ukur pikeun “ngabela
diri” mun geus kadesek. Cara ngagunakeun kujang ngan sakali ditubleskeun kana
beuteung musuh. Mun ditarik bakal ngabudal-badil eusi beuteung na, atawa ku
sakali tubles oge musuh langsung sakarat atawa maot.
3. Kujang Pangarak (alat upacara): kujang pangarak dipakena dina kagiatan
upacara. Carana dipanggul dina prosesi ku barisan lulugu. Wangunna: gagangna
panjang jiga tombak, jadi bisa digunakeun dina kaayaan kadesek pikeun ngabela
diri, ku jalan ditojoskeun atawa dilempagkeun ka musuh.
4. Kujang Pakakas (alat tatanen): gunana pikeun nutuhan tatangkalan waktu
ngabukbak lahan keur huma. Nepi ka ayeuna masih dipake di lingkungan masarakat
Kanekes (Baduy) jeung masarakat “pancer pangawinan”. Dina kaayaan darurat,
kujang bisa dipake pikeun ngabela diri ku cara ditebaskeun lantaran kujang
pakakas ukuranana leuwih panjang jeung rada gede.
Filosofi na :
1.KUJANG
MATA HIJI/liang hiji, Ngandung hartos yen manusa teh/ki sunda teh mudu
boga hiji pamadegan,ulah unggeuk kalinduan eundag kaanginan kalayan
yakin ku ayana Hyang Maha Tunggal.
2.KUJANAG MATA DUA/liang
dua, Ngandung hartos yen manusa/ki sunda teh mudu bisa ngabedakeun
bener jeung salah,disimbulkeun oge dina sasajen ku bubur beureum-bubur
bodas.
3.KUJANG MATA TILU/liang tilu, ngandung hartos yen
manusa teh Ucapna Kudu Surti, Tekadna kudu Waspada, Lampahna kudu Hade.
Ucapana kudu surti ngandung hartos naon nu diucapkeun kudu sarua jeung
anu dilampahkeun,nyaeta teu kenging bohong. Tekadna kudu waspada
ngandung hartos lain awas na mata,tapi awasna RASA. ari awasna rasa
nyaeta nyaho kana sabab-akibat,contona mun urang diciwit nyeri,ulah sok
nyiwit ka batur atuh,saur sepuh mah ngaji rasa,tiasa ngarasakeun rasa nu
lian.
4.KUJANG MATA OPAT/liang 4, ngandung hartos yen
manusa/ki sunda teh asal tinu opat unsur nyaeta: seuneu,cai,angin,bumi.
-unsur seuneu jadi getih. -unsur cai jadi tulang/balung. -unsur angin
jadi kulit bulu sapuratina. -unsur bumi jadi daging jeung urat-urat.
Sifatna ka opat unsur eta dina diri jadi NAFSU.
-unsur seuneu jadi Nafsu Amarah.
-unsur cai jadi Nafsu Syahwat.
-unsur angin jadi Nafsu Duniawi.
-unsur bumi jadi Nafsu syetan->tunggul dirurud catang dirumpak. Tah
ka opat unsur ieu kudu dikadalian entong kurang entong leuwih,supaya
jadi cahaya nu nyaangan akal jeung pikiran.
5.KUJANG MATA LIMA/liang 5, ngandung hartos wujud manusa salaku PANCER nu sok nganteur kana kahayang nafsu.
6.KUJANG MATA GENEP/liang 6, ngandung hartos yen sadaya manusa
dipaparinan indra ka-6 pikeun nganyahoankeun hal-hal gaib,disebut euweuh
da aya, disebut aya da teu katingali. Tapi indra ka-6 teh aya anu tos
kabuka aya oge anu tacan tiasa ngabuka na.
7.KUJANG MATA
TUJUH/liang 7, ngandung hartos yen manusa teh ka purba ku tujuh
Pangawasa Hyang Maha Kawasa,nyaeta: 1.Pangawasa-Na, 2.Pangersa-Na,
3.Panguninga-Na (elmu-Na) 4.Hirup-Na, 5.Pangdangu-Na, 6.Paningal-Na,
7.NgandikaNa (ucapna).
8.KUJANG KA DALAPAN teu aya matana/teu
aya liangna,disebat oge Kujang Buta atanapi Kujang Meneng, ngandung
hartos yen manusa sok keuna ku owah gingsir,teu gaduh pamadegan,ayeuna
ngomong kieu isuk geus robah,kadang ucapan beda jeung laku lampahna.
9.KUJANG MATA SALAPAN/liang 9, ngandung hartos yen manusa dipaparinan 9
alat pikeun usaha,ihtiar,tarekah,migawe sagala rupa pagawean di alam
dunya ieu salaku 9 wali diri anu jadi saksi dina kahirupan,nyaeta: 1.
UTEUK jeung eling na. 2.MATA jeung awas Na. 3.CEPIL jeung dangu Na.
4.IRUNG jeung angseu-Na. 5.baham jeung cumarios-Na. 6.Urat-urat jeung rasa-Na. 7.Hate jeung Fikir-Na. 8.Leungeun jeung cepeng Na/obah gerak-Na. 9.Suku jeung lengkah-Na.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar