Selamat datang di Blog kami, semoga bermanfaat

Selasa, 24 Desember 2013

JINIS KUJANG SARENG FILOSOFI NA


Jinis na : 

1. Kujang Pusaka: daya kasakten kujang ngandung ajen sakral kakuatan gaib (kasakten), pikeun ngajaga kasalametan diri kulawarga jeung masarakat sangkan jauh tina bahaya.

2. Kujang Pakarang: ukuranana leuwih pondok tibatan pakakas, tapi tiasa dipake nubles, ngeureut jeung ngaraheutan. Wangunna (sacara hipotesis) tiasa jadi disaluyukeun jeung karakter urang Pajajaran anu defensif dina nyanghareupan marabahaya, jauh tina sikep ofensif. Sakumaha nu kaungel dina pedaran pakujajar Majajaran anu nyaritakeun: “Sunda Pajajaran lain mudu pinter perang, tapi mudu pinter diperangan”. Dina carita pantun beunang disebutkeun taya carita anu meberkeun karajaan Pajajaran “nyerang” atawa “nalukkeun” karajaan lian. Tapi malahan digempur ku nagara lian. Dumasar kana karakter Pajajaran anu defensif tadi, kujang lain jadi pakarang pikeun “nyerang” tapi ngan ukur pikeun “ngabela diri” mun geus kadesek. Cara ngagunakeun kujang ngan sakali ditubleskeun kana beuteung musuh. Mun ditarik bakal ngabudal-badil eusi beuteung na, atawa ku sakali tubles oge musuh langsung sakarat atawa maot.

3. Kujang Pangarak (alat upacara): kujang pangarak dipakena dina kagiatan upacara. Carana dipanggul dina prosesi ku barisan lulugu. Wangunna: gagangna panjang jiga tombak, jadi bisa digunakeun dina kaayaan kadesek pikeun ngabela diri, ku jalan ditojoskeun atawa dilempagkeun ka musuh.

4. Kujang Pakakas (alat tatanen): gunana pikeun nutuhan tatangkalan waktu ngabukbak lahan keur huma. Nepi ka ayeuna masih dipake di lingkungan masarakat Kanekes (Baduy) jeung masarakat “pancer pangawinan”. Dina kaayaan darurat, kujang bisa dipake pikeun ngabela diri ku cara ditebaskeun lantaran kujang pakakas ukuranana leuwih panjang jeung rada gede.

Filosofi na :
1.KUJANG MATA HIJI/liang hiji, Ngandung hartos yen manusa teh/ki sunda teh mudu boga hiji pamadegan,ulah unggeuk kalinduan eundag kaanginan kalayan yakin ku ayana Hyang Maha Tunggal.

2.KUJANAG MATA DUA/liang dua, Ngandung hartos yen manusa/ki sunda teh mudu bisa ngabedakeun bener jeung salah,disimbulkeun oge dina sasajen ku bubur beureum-bubur bodas.

3.KUJANG MATA TILU/liang tilu, ngandung hartos yen manusa teh Ucapna Kudu Surti, Tekadna kudu Waspada, Lampahna kudu Hade. Ucapana kudu surti ngandung hartos naon nu diucapkeun kudu sarua jeung anu dilampahkeun,nyaeta teu kenging bohong. Tekadna kudu waspada ngandung hartos lain awas na mata,tapi awasna RASA. ari awasna rasa nyaeta nyaho kana sabab-akibat,contona mun urang diciwit nyeri,ulah sok nyiwit ka batur atuh,saur sepuh mah ngaji rasa,tiasa ngarasakeun rasa nu lian.

4.KUJANG MATA OPAT/liang 4, ngandung hartos yen manusa/ki sunda teh asal tinu opat unsur nyaeta: seuneu,cai,angin,bumi. -unsur seuneu jadi getih. -unsur cai jadi tulang/balung. -unsur angin jadi kulit bulu sapuratina. -unsur bumi jadi daging jeung urat-urat.
Sifatna ka opat unsur eta dina diri jadi NAFSU.
-unsur seuneu jadi Nafsu Amarah.
-unsur cai jadi Nafsu Syahwat.
-unsur angin jadi Nafsu Duniawi.
-unsur bumi jadi Nafsu syetan->tunggul dirurud catang dirumpak. Tah ka opat unsur ieu kudu dikadalian entong kurang entong leuwih,supaya jadi cahaya nu nyaangan akal jeung pikiran.

5.KUJANG MATA LIMA/liang 5, ngandung hartos wujud manusa salaku PANCER nu sok nganteur kana kahayang nafsu.

6.KUJANG MATA GENEP/liang 6, ngandung hartos yen sadaya manusa dipaparinan indra ka-6 pikeun nganyahoankeun hal-hal gaib,disebut euweuh da aya, disebut aya da teu katingali. Tapi indra ka-6 teh aya anu tos kabuka aya oge anu tacan tiasa ngabuka na.

7.KUJANG MATA TUJUH/liang 7, ngandung hartos yen manusa teh ka purba ku tujuh Pangawasa Hyang Maha Kawasa,nyaeta: 1.Pangawasa-Na, 2.Pangersa-Na, 3.Panguninga-Na (elmu-Na) 4.Hirup-Na, 5.Pangdangu-Na, 6.Paningal-Na, 7.NgandikaNa (ucapna).

8.KUJANG KA DALAPAN teu aya matana/teu aya liangna,disebat oge Kujang Buta atanapi Kujang Meneng, ngandung hartos yen manusa sok keuna ku owah gingsir,teu gaduh pamadegan,ayeuna ngomong kieu isuk geus robah,kadang ucapan beda jeung laku lampahna.

9.KUJANG MATA SALAPAN/liang 9, ngandung hartos yen manusa dipaparinan 9 alat pikeun usaha,ihtiar,tarekah,migawe sagala rupa pagawean di alam dunya ieu salaku 9 wali diri anu jadi saksi dina kahirupan,nyaeta: 1. UTEUK jeung eling na. 2.MATA jeung awas Na. 3.CEPIL jeung dangu Na. 4.IRUNG jeung angseu-Na. 5.baham jeung cumarios-Na. 6.Urat-urat jeung rasa-Na. 7.Hate jeung Fikir-Na. 8.Leungeun jeung cepeng Na/obah gerak-Na. 9.Suku jeung lengkah-Na.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar